Bakso Viral di Cimahi! Bakso Garasi Kriwil
Nyobian Bakso Nu Viral di Cimahi! Bakso Garasi Kriwil😋
Halo sadayana! Kiwari, kuring bade nyobian bakso nu keur viral pisan, nyaeta Bakso Garasi Kriwil. Tempatna aya di Jl. Kb. Manggu 1, Padasuka, Kec. Cimahi Tengah, Kota Cimahi, Jawa Barat. Ieu bakso beuki kawentar di media sosial, utamana di TikTok, sabab porsi na loba, harga lumayan murah, sarta tetelanna ngeunah pisan!
Pangalaman Ka Tempatna Kuring sumping dinten Kemis kira-kira jam opat sonten, jeung reuwas sabab henteu aya antrian. Padahal, biasana upami ningali di TikTok mah sok rame pisan nepi ka kudu ngadagoan lila. Bisa jadi, sabab datangna lain di jam sibuk.
Menu Nu Aya Di dieu aya sababaraha pilihan menu, di antarana:
- Mie Bakso Kriwil : Rp13.000
- Mie Bakso Cincang : Rp13.000
- Mie Bakso Kriwil + tetelan : Rp17.000
- Mie Bakso Cincang + tetelan : Rp17.000
- Mie Bakso Jumbo : Rp25.000
- Mie Bakso Jumbo + tetelan : Rp30.000
Pikeun inumanna, aya sababaraha pilihan sapertos:
- Es Teh : Rp5.000
- Es Jeruk : Rp6.000
- Pop Ice : Rp5.000
- Nutrisari : Rp5.000
Tempatna aya di jero gang, tapi tetep bisa didahar di tempat. Upami sepi mah betah keneh makan di dinya, tapi lamun rame leuwih hade dibungkus waé.
Rasa jeung harga kuring mesen Mie Bakso Cincang jeung Tetelan, maké Jando. Rasaning bakso téh enak pisan! Tetelanna henteu sakadar daging lemes wungkul, tapi aya tulang rangu, jando, jeung sajabana, nu matak nyieun rasa leuwih nikmat.
Harga di dieu cukup variatif, antara Rp13.000 - Rp30.000, tapi sajabana harga nu ramah di kantong, porsi na loba pisan. Jadi, ieu bakso worth it pikeun dicobian ku para pencinta bakso!
Naha Bisa Jadi Viral? Salah sahiji hal anu ngajadikeun Bakso Garasi Kriwil jadi viral nyaéta:
1. Tetelan na loba jeung khas, aya tulang rangu, jando, jeung sajabana.
2. Porsi gede bari harga tetep murah.
3. Tren 'Misdaeum' (Amis, Lada, Haseum) anu keur booming ayeuna.
4. Rekomendasi ti TikTok jeung Instagram anu nyieun loba jalma panasaran hayang nyobaan.
Review Ti Babaturan Salian ti kuring, aya ogé Vaya jeung Riri anu nyobaan bakso ieu. Numutkeun aranjeunna, baksona bener-bener ngeunah sarta porsina nyugemakeun.
Minusna Sanajan baksona enak jeung porsina loba, aya hiji hal nu sigana bisa diperbaiki, nyaeta pelayanan ti nu dagang. Teteh nu jual rada kurang senyum, jadi suasanana rada kirang ramah. Sabenerna ieu teh hal leutik, tapi bakal leuwih hade lamun pelayananana leuwih ramah jeung santai, supados konsumén leuwih betah.
Kesimpulan Pikeun nu resep nyobaan kuliner viral, Bakso Garasi Kriwil bisa jadi pilihan nu musti dicobian! Naha anjeun geus kungsi nyobaan? Kumaha kesan anjeun? Lamun boga rekomendasi tempat kuliner viral lianna, hayu bagi di kolom komentar!
See you next time!
Komentar
Posting Komentar